Tugas Nerjemahkeun Carita
Nama :
Agnes Maharani Khodijah
NPM :
180210110030
Tanggal
Tugas : 11 September 2012
Kacaritakeun
di padumukan Sumatera aya patani anu getol digawe. Manehna hirup sorangan.
Unggal poe digawe ngahuma jeung ngala lauk teu nyaho kacape. Manehna ngalakukeun
ieu pikeun kahirupan sapopoena.
Hiji
poe manehna indit ka leuwi teu jauh ti imahna, neangan lauk jang poe ayeuna. Ngan
ngamodal jeujeur, eupan jeung korang (wadah lauk), manehna langsung indit ka
leuwi. Saprak nepi di leuwi, manehna langsung ngalungkeun jeujeurna. Salila ngadagoan
eupanna didahar ku lauk, patani eta ngadua “Gusti, mugia abdi dinten ieu abdi
dipaparin rizki (lauk) anu seeur”. Teu lila ti saprak geus ngadua, eupan anu
dialungkeun teh geus kaciri rek dihakan ku lauk. Manehna langsung ngabedol
jeujeurna. Eta patani atoh kacida, kusabab meunang lauk nu kacida badagna jeung
naker geulisna.
Teu
lila ti eta saenggeus nempo hasil beubeunanganna, eta patani kacida reuwasna
kusabab lauk nu td beunang teh bisa ngomong. “Tulung kawula ulah didahar!
Antepkeun kawula hirup”, gorowok eta lauk. Teu loba nanya, lauk beubeunanganna
teh langsung dibalikeun deui kajero cai. Saenggeus ngabalikkeun lauk ka jero
cai, eta patani nambah deui kareuwasna, kusabab ujug-ujug lauk eta teh robah
jadi awewe anu geulis kacida.
“Ulah
sieun, kawula moal nyilakakeun anjeun”, ceuk lauk jelmaanna teh. “Anjeun saha?
Lainna anjeun teh lauk anu tadi beunang ku kami?”, ceuk patani eta nanya semu
panasaran. “Kawula putri nu dikutuk kusabab ngalanggar aturan karajaan”,
jawabna eta awewe. “Hatur nuhun geus ngabebaskeun kawula tina tuntutan ieu.
Pamulang tarima kawula ka anjeun daek dipikaistri ku anjeun”, ceuk eta awewe. Patani
eta oge nyatujuan. Teu lila ti eta patani jeung putri eta jadi suami istri. Ngan
aya hiji janji anu kudu dilaksanakeun nyaeta si patani teu meunang nyaritakeun
asal muasalna putri eta teh mangrupa lauk. Lamun janji eta teu dilaksanakeun
bakal cilaka nu kacida gedena.
Teu
lila ti maranehna kawin, kabagjaan patani jeung pamajikanna nambah, kusabab
pamajikanna ngalahirkeun budak lalaki. Nitik kana mangsa budakna teh jadi budak
anu kuat jeung kacida kasepna, tapi aya kabiasaan anu ngajieun batur hemeng. Eta
budak sok ngarasa lapar wae jeung teu pernah ngarasa wareg. Kabeh jatah keur
daharna beak teu nyesa.
Nepi
ka hiji mangsa eta budak dititah indungna pikeun nganterkeun dahar jang bapana
nu keur gawe di sawah. Tapi naon anu dititah ku indungna henteu ditepikeun ku
bapana. Kabeh kadaharan dibeakeun nu pikeun bapana dibeakeun ku manehna. Saenggeus
dahar budak teh nepi kasarena di hiji saung. Bapa na nungguan budakna nu rek
nganterkeun sangu bari nahan haus jeung lapar. Kusabab teu tahan lapar manehna
balik ka imah, di tengah jalan patani nempo budakna keur sare di saung. Manehna
langsung ngahudangkeun budakna. “Heh, hudang!”, gorowok eta patani.
Saenggeus
anakna hudang, patani teh nanyakeun kadaharannana. “Mana kadaharan jang bapa?”,
tanya eta patani. “Tos seep dituang”, jawabna eta budak. Bari ngagorowok patani
langsung nyarekan budakna. “Budak bangkarwarah! Teu boga kaera! Dasar katurunan
lauk!”, ceuk patani napsu bari teu sadar ngucapkeun pantangan ti pamajikannana.
Saenggeus
ngucapkeun kata-kata eta, harita keneh budak jeung pamajikanna leungit. Teu kaciri
jungkrungannana. Tina kurut tapak sukuna, kaluar cai nu kacida badagna. Cai ngeeum
sakabeh desa anu ngabentuk hiji talaga. Jeung akhirna ngabentuk hiji danau
(situ). Danau (situ) eta balukarna katelah ku ngaran Danau Toba.
Sumber referensi carita bahasa indonesia na ti :
ngiring download, kngo bhn peelajaran. htr nuhun. :)